Minanangka cikal bakal di ngadegna paguyuban Tirta Griya Wesi anu dikawitan ku acara silaturahmi di rorompok Kang Asep Andi di jalan Cikarang Cibarusa Bekasi.Kempelan ieu oge ngawitan nalian anggotana kuacara arisan anu dilaksanakeun tiap 3 sasih sakali, anu maksad sareng tujuana nyaeta ngaraketkeun tali silaturahmi di papada alumni STM Necis utamina anu aya di wewengkon Bekasi sareng sekitarna (Jabotabek). Alhamdulillah dina tepang sono ieu sumping oge Kang Abas di Cirebon, Kang Jajang ti Jakarta, oge anu sanesna ti wilayah bekasi sareng karawang. Tangtos acara ieu bakal teras lajeng dugi ka anggotana nambihan beuki seuer, dugikeun ka hiji waktos tiasa ngayakeun reuni akbar anu tiasa dilaksanakeun dina waktos ba'da boboran siam.
Pidu'a oge dukungan tisadayana diantos pisan, mugi rencana urang tiasa tinekanan.
Cag sakitu heula .
Wasallam