PAGUYUBAN TGW's Fan Box

Jumat, 09 September 2011

Rabu, 01 September 2010

Tips Mudik Lebaran

  • Berdoa sebelum mudik.
  • Siapkan fisik yang sehat & prima sebelum mudik.
  • Periksakan kelayakan kendaraan anda.
  • Service kendaraan anda di bengkel resmi (service lengkap).
  • Siapkan perlengkapan kendaraan (tool kits).
  • Bawa bekal makanan secukupnya.
  • Disiplin dalam mengemudi & patuhi rambu-rambu lalu lintas.
  • Istirahat setiap 4 jam, jangan memaksakan diri bila ngantuk atau lelah.
  • Manfaatkan posko kesehatan / tempat istirahat yang tersedia.
  • Hindari konsumsi obat-obatan yang tidak perlu maupun minuman keras.
  • Tidak melebihi kapasitas muatan & tidak menyalahi peruntukan kendaraan.
  • Lebih berhati-hati dalam mengemudi saat turun hujan, cuaca buruk ataupun jalan rusak.
  • Membawa peta jalur mudik.

@@@

Senin, 30 Agustus 2010

Puji Syukur





Assalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh...
Taya ucap sareng kalimah anu utama lintang ti muji syukur ka Alloh nu Maha Ghafur, Pangeran anu Bageuran tur Heman. Dina danget ieu kalayan kudrot sareng irodat Mantenna urang sadaya tiasa ngumpul ngariung hempak merbayaksa dina ieu Group Paguyuban Tirta Griya Wesi.
Mudah-mudahan urang sadaya ginuluran karahayuan, bagja, salamet, kenging barokah ti Gusti Nu Maha Suci....

Senin, 17 Mei 2010

Anjang Sono ka 3 Paguyuban Tirta Griya Wesi

ANJANG SONO DI RUDI BMT CITRA KEBUN MAS KARAWANG
Minggui, 16 May 2010








Hatur nuhun Ka Akang oge Ayi anu parantos ngaluangkeun waktosna dugi ka tiasa ngahadiran kana ieu acara,....

Rabu, 10 Februari 2010

Reuni 3 Jan 2010 Karawang

Bagea wargi wargi saalmamater STMN/SKMN2 Ciamis

Hatur nuhun ka Akang - akang oge Ayi - ayi anu parantos kersa dongkap dina acara tepang sono alumni almamater sakola urang sadaya, anu parantos dilaksanakeun di rorompok Kang Wawan.
Alhamdulillah acara anu parantos dilaksanakeun ping 31 Jan 2010 tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi.
Teu hilap oge hatur nuhun tiap petemuan jumlah anggota paguyuban tiasa tambih seueur.
Ka Wargi2 anu teu acan gabung mangga gabung di ieu blog, atanapi di group Facebook TIRTA GRIYA WESI

Cag Sakitu heula hatur nuhun
Wasalam

Minggu, 31 Januari 2010

Silaturahmi di Rumah Kang Asep Cikarang

Minanangka cikal bakal di ngadegna paguyuban Tirta Griya Wesi anu dikawitan ku acara silaturahmi di rorompok Kang Asep Andi di jalan Cikarang Cibarusa Bekasi.
Kempelan ieu oge ngawitan nalian anggotana kuacara arisan anu dilaksanakeun tiap 3 sasih sakali, anu maksad sareng tujuana nyaeta ngaraketkeun tali silaturahmi di papada alumni STM Necis utamina anu aya di wewengkon Bekasi sareng sekitarna (Jabotabek). Alhamdulillah dina tepang sono ieu sumping oge Kang Abas di Cirebon, Kang Jajang ti Jakarta, oge anu sanesna ti wilayah bekasi sareng karawang. Tangtos acara ieu bakal teras lajeng dugi ka anggotana nambihan beuki seuer, dugikeun ka hiji waktos tiasa ngayakeun reuni akbar anu tiasa dilaksanakeun dina waktos ba'da boboran siam.
Pidu'a oge dukungan tisadayana diantos pisan, mugi rencana urang tiasa tinekanan.
Cag sakitu heula .

Wasallam

Tambah Gambar